:

1 Samuel 24

1

Samulihna Saul tas ngayonan urang Pelisti, aya anu bebeja yen Daud aya di hiji tanah gurun deukeut En Gedi.

2

Saul nyandak balad tilu rebu urang, kabeh prajurit Israil petinganana, dicandak neangan Daud sabaladna ka wetaneun Gunung Cadas Embe Leuweung.

3

Geus sumping ka dinya, Saul lebet ka hiji guha deukeut karapyak domba sisi jalan, seja ngahampangkeun salira. Daud sabaladna ge nyarumputna di eta guha, ngan di jero pisan.

4

Baladna arunjukan, "Ayeuna waktosna! Ieu tandaning PANGERAN nimbalan yen Mantenna parantos nyelehkeun eta musuh ka panangan anjeun. Bade dikieu-kieu ge parantos teu aya halanganana." Ti dinya Daud ngarayap, tuluy ngeureut tungtung jubah Saul sacewir. Ku Saul teu karaoseun.

5

Tapi Daud ratug manahna.

6

Pok sasauran ka balad, "Ampun teuing ka PANGERAN, paliyas kudu ngagunasika ka gusti jungjunan kami anu geus didamel raja ku PANGERAN! Saeutik ge kami teu meunang ngagunasika ka anjeunna, sabab anjeunna teh raja anu dipilih ku PANGERAN."

7

Eta kasauran sarua jeung ngahulag ka balad sangkan ulah narajang ka Saul. Saul lugay, leos kaluar tina guha rek neruskeun laku.

8

Daud nyusul kaluar tuluy ngagero ti pungkureunana, "Gusti, Sang Raja!" Saul nyoreang. Daud brek sideku,

9

tuluy miunjuk, "Ku naon Gusti teh ngandel ka jalmi-jalmi anu nyebatkeun abdi ngarah ka salira Gusti?

10

Raja uninga ku anjeun, bieu di lebet guha salira Raja ku PANGERAN parantos diselehkeun kana kakawasaan abdi. Abdi ku balad disuhunkeun kedah nelasan Raja, nanging abdi henteu tega. Sanggem abdi saeutik ge teu gaduh niat nyilakakeun, margi Gusti ku PANGERAN parantos dijenengkeun raja.

11

Tingali ieu, Ama, ieu sosoehan jubah Ama aya dina leungeun abdi! Upami tadi abdi niat nyilakakeun, kantenan tiasa. Nanging abdi mung ngeureut ieu bae. Ieu tawisna yen abdi sama sakali teu gaduh niat nyilakakeun ka Ama. Abdi ku Ama diudag-udag bade dipaehan. Naon dosa abdi?

12

Mugi PANGERAN ngajadi saksi, saha di antawis urang anu lepat! PANGERAN anu bakal ngabales ka Ama, da menggah abdi mah saeutik ge teu gaduh maksad awon ka Ama.

13

Ama tangtos uninga kana babasan, ‘Kajahatan bijilna ti jalma jahat.’ Paliyas teuing abdi nyilakakeun ka Ama.

14

Tingali, ieu abdi anu bade dipaehan ku raja Israil teh! Tingali ieu anu diudag-udag ku anjeunna teh! Mung bangke anjing sahiji, tuma sasiki!

15

PANGERAN anu baris mutus, nu bakal nangtoskeun, saha di antawis urang anu ngandung tekad awon. Mugi-mugi Mantenna ngalereskeun ieu perkawis, sareng ngabela abdi ti panangan Ama."

16

Anggeus Daud miunjuk, Saul ngalahir, "Geuning maneh, Daud, anaking!" Segruk Saul nangis.

17

Tuluy ngalahir deui, "Hidep anu bener, Ama anu salah. Geuning sakitu hadena hidep ka Ama teh, sabalikna Ama sakitu jahatna ka hidep!

18

Poe ieu hidep geus ngabuktikeun kahadean hate ka Ama. Ama ku PANGERAN geus diselehkeun ka hidep, ku hidep teu dipaehan.

19

Saha teh teuing pijalmaeunana anu daek ngaleupaskeun musuh tina genggemanana tur henteu dikieu-kieu? Kamulyaan hate hidep ka Ama poe ieu, mugia dirahmat ku PANGERAN.

20

Ayeuna Ama yakin, hidep tangtu jadi raja nyangking Israil. Karajaan Israil bakal nanjung dina cangkingan hidep.

21

Pamenta Ama mugia hidep jangji ka PANGERAN yen kersa nangtayungan ka turunan Ama, supaya ngaran Ama jeung ngaran turunan Ama ulah nepi ka tumpur."

22

Ti dinya Daud sumpah ka Saul yen seja nedunan pamundutna. Geus kitu Saul mulih, ari Daud sabaladna lebet deui ka panyumputan.

Link: